Selasa, Mei 11, 2010

Carpon

DUA USUM 
Ku : Sambas Bara

Isuk kénéh kuring geus saged. Dicalana hideung, kaos bodas, dilapis ku rompi Satgas PGRI. Poé ieu teh pan kudu upacara miéling hari guru jeung wetonna PGRI. Sanggeus ngahanca sasarap nu disadiakeun pamajikan, terus pamitan. "Mah, bisi aya anu nanyakeun bejakeun waé keur upacara di kabupatén," ceuk kuring bari nyelah motor anu geus teu bisa distarter.
Geuleuyeung, motor ditarikkeun gasna. Lumpat ukur tilu puluh ge geus asa beurat gas téh. Pédah can dituneup kitu, atawa émang geus kolot teuing motorna. Geuning sanajan jalan hideung dihotmik atawa dicor sakitu rata ogé ari motorna butut mah aijjgger we teu bisa kenceng.
Hawa anu biasana karasa panas ti isuk kénéh téh harita mah asa beda. Urut hujan tadi peuting kabawa nepi ka isukna. Malah matapoé ge teu katempo, jigana nyumput disimbut, tiriseun ku reumis janari anu can sirna dina dangdaunan jeung jujukutan.
Teu kungsi satengah jam kuring geus nepi ka tempat upacara. Aya meureun kana rebuan guru téh, da satengah lapang rapet ku barisan guru anu kabéh maraké baju batik nu pulasna hideung bodas. Malah teu saeutik anu masih kénéh dariuk sisi lapang dina korsi-korsi taman bari jarajan. Salila jadi guru, geus lima kali ngilu upacara kieu teh. Tapi asa kitu-kitu keneh, teu loba anu robah. Kagiatanana ukur upacara jeung devile mintonkeun kamonesan ti unggal kecamatan. Kitu gé tara kabeh ngirimkeun. Ngan anu ayeuna mah aya kagiatan maén voli sagala. Upacara dimimitian, peserta anu rebuan, baris kalayan rapih.
Piraku wé guru teu bisa baris. Kumaha teuing atuh muridna, kitu gerentes téh. Teu kungsi sajam upacara geus anggeus. Samemeh dibubarkeun Bapa Bupati anu jadi komandan upacara ngabsen kapala sakola SMP jeung SMA. Nyatana loba anu teu haladir. Katingal Bapa Bupati téh rada bendu. Anjeunna nginstruksikeun ka Kadisdik sangkan meré sangsi ka nu teu ngilu upacara. Disina nulis Pancasila jeung Janji Guru anu lobana masing-masing saratus lambar.
Buyar upacara diteruskeun kana devile. Kamonésan hasil kréativitas guru jeung anu ditepakeun ka murid-muridna dipintonkeun dina barisan. Diiring-iring ku guru-guru unggal kacamatan. leu teh minangkana mah gambaran hasil tina lalampahan guru enggoning ngabina murid tina bag-bagan élmu pangaweruh jeung kaparigelan, boh dina agama boh darigama, anu diluyukeun jeung kurikulum sakolana masing-mas¬ing.
Jam sapuluhan, saenggeus dev¬ile kabeh ngaliwat hareupeun bupati jeung rengrenganana, kuring terus ka GOR anu tempatna teu jauh ti dinya, nu dipaké ngadu voli antar guru ti unggal kacamatan. Meureun kuring mah datang ka dinya téh kapandeurian. Éta wé di lapang geus ramé pisan. Nu keur ngadu voli keur meujeuhna éak-éakan susurakan. Bobotohna motah nyumangetan nu maraén. Panasaran hayang geura nempo anu keur voli. Sakitu raména geuning. Kuring nguriling néangan tempat anu rada lowong, mimiti ka lapang anu dipaké maen ku lalaki. Tapi tempatna asa geus dedet. Anu katempo ukur nganculna bal tina luhureun net jeung leungeun-leungeun anu nyemes bari luncat. Leos deui ka tempat tim awéwé maén. Di dieu gé euweuh bedana, keur meumeujeuhna ramé. Tah geuning, Alloh mah memang geus ngatur kana kahayang mahlukna. Ku kabeneran kuring amprok jeung babaturan sakelas waktu keur di SPG, keur ngaraliud tukangeun lapang voli. Aya kana sapuluh urangna. Aya Asep, Imas, Juju, Nandang, Endi, Empat, Nurhayati, Atik, Yayat, jeung Yani.
"Sam, ka dieu yeuh!" Ceuk Yani.
"Kabeneran...," ceuk kuring.
"Ih kamana waé? Tadi mah aya Hindun, aya Naning," ceuk Imas.
"Teu apal. Sugan téh teu ngarumpul di dieu," tembal téh.
Asa bungah pisan nempo babaturan ngariung téh. Asa keur jaman sakola. Silih tembrakkeun kasono ku lawas teu amprok. Najan enya sarua jaradi guru, tapi lolobana tempat tugas babaturan sakelas teh beda kacamatan. Teu bisa tepung unggal waktu, komo ieu kasengker ku waktu jeung kawajiban ngajar jeung ngadidik barudak.
Kabéh saruka bungah, ngobrol bari diselang ku babarakatakan, silih tembrakkeun pangalaman jeung pamanggih. Teu ieuh maké tatakrama da asa keur sakola we ngalobrol teh. Malah paho kana buuk anu geus campur jeung kembang jambu.
Anu tadina rek lalajo voli téh nepi ka pohona alatan uplek teuing ngobrol ngaler ngidul. Teuing geus sabaraha keub anu maraen téh, nepi ka anu ti kecamatan sorangan ogé teu kanyahoan maénna. Kitu téh lain kuring wungkul meureun. Malah anu amprok jeung urut kabogohna keur sakola mah jigana poho ka naon-naon.
Dina éta riungan anu sakitu ramena asa aya nu kurang. Pangpangna tadi Imas ngabejaan aya Naning. Bet jorojoy asa hayang tepung, asa sono.
Di mana nya? Gerentes téh. Henteu wani kudu dikedalkeun mah. Komo kudu kadengé ku babaturan. Sahenteuna meureun mun manéhna aya ngariung mah bisa diajak ngobrol, bisa diheureuyan. Kuring nyéréngeh bari dina hate ngocoblak deui, kumaha pipetaeun mun amprok jeung kabogoh anu geus lila teu tepung.
Sajero ngobrol ngalér ngidul téh, panon teu weléh larak-lirik, sugan énya manéhna aya kénéh di dinya. Unggal juru dirérétan. Teuteupan maling-maling mapayan unggal tempat jiga kamera keur ngarékam sabudeureun. Mun bisa mah panon téh hayang jiga handycam, dizoomkeun, sangkan ung¬gal beungeut nu kateuteup katem¬po bari écés. Dipapayan hiji-hiji ti nu nangtung di lapang nepi ka anu nagog keur jajan, rarasaan mah taya anu kaliwat, tapi weléh lebeng teu manggihan manéhna.
Enya apan rébuan guru anu aya di lapang téh, ari anu ditéangan ukur saurang. Piraku kudu diwawarkeu dina speker panitia mah. Era temen mun nepi ka , nekad jiga kitu mah. Anu lalajo bangun motah pisan ngabobotohan. Sakali deui kuring niténan hiji-hiji anu lalajo, sugan aya Naning di dinya. Piraku geus balik mah, apan ieu keur raraména anu ngadu voli teh. Rét ka juru lapang deukeut tanggkal angsana. Tah, lebah dinya mah rada lila nyidik-nyidik téh. Katembong aya nu ngajanteng. Tapi asa-asa, sok sieun kasamaran.
Manéhna kitu?
Dina jero haté ngocoblak soran¬gan neguh-neguh naha éta teh manéhna atawa lain. Kacapanon dibebener, sugan waé tetempoan teh jadi leuwih jelas. Nu dipelong ti kajauhan, anu anggangna aya kana saratus léngkahna, jiga anu sarua neuteup jeung imut. Ceuk haté, ah lain meureun, apan Naning mah keur di sakola ogé teu maké jilbab. Tapi da moal poho ari kana imut jeung seukeut panonna mah. Apan sakitu ngaitna, nyantél baé dina ingetan. Sampeurkeun waé kitu? Haté nanya, dibarung geter rasa dina jero dada.
"Ulah, ieu téh pipanyakiteun.'1
"Sampeurkeun, apan geus lila can amprok da moal kukumaha ieuh. Piraku teu sono, apan éta téh babaturan keur sakola."
"Tong dimimitian! Apan kasono moal tuntas ku ngobrol. Komo ieu geus pada-pada kolot. Teu saeutik jalma anu paburantak kulawargana alatan amprok jeng urut kabogoh. Kumaha mun CLBK?"
"Ah keun waé. Bejakeun wé ayeuna mah geus boga anak pamajikan."
"Ih, apan bogoh mah teu kahalangan ku nu kitu. Najan gunung luhur gé asa sagedé beunyeur."
Haté sabil. Tapi asa keukeuh, najan enya ge geus aya gantina, tapi ka manehna mah moal nepi ka poho. Da kahayang mah geura pateuteup silih keukeup, mudalkeun galura tresna anu sakieu rongkahna. Jeung maneh¬na téh apan sasat leungiteun tapak. Teu kungsi silih pegatkeun rasa. Pisah téh ku ku kaayaan baé alatan baheula kaburu papada jauh.
Beuki yakin baé, sanajan jauh jeung robah dangdanan, éta teh Naning. Moal nepi ka kasamaran. Geus dua usum meureun. Baheula mimiti amprok jeung manehna téh usum sakola. Keur meumeujeuhna belekesenteng, ngubar bangor meumeujeuhna bau cikur. Tapi lamun kuring harita bogoh ka manehna, bisa diukur lain bogoh saliwatan. Nyosok jero, meubeut meulit kana hate, tur sabisa-bisa dipiara dina batin anu wening sangkan jauh ti asmara murka.
Haté beuki tagiwur, samar polah teu nyaho naon anu kudu dilakonan.
Sigana nu di imah terus rasa. HP disada, aya SMS ti pamajikan.
"Mun tos beres geura uih Pa, di bumi teu aya sasaha. leu si eneng ceurik wae."
Les wé kabéh anu kabayangkeun téh buyar, kaganti ku si bungsu anu umurna acan opat puluh poe, keur diais bari disusuan ku indungna. Usum tétéla apan geus robah. SMS teu dibales, terus baé pamit ka babaturan anu ngariung rék miheulaan balik.***