Minggu, Mei 24, 2009

Gedung SDN Pinayungan VIII

SD Negeri Pinayungan VIII
Dusun Sukawargi Desa Pinayungan
Kecamatan Telukjmabe Timur Kab. Karawang

1 komentar:

  1. Assalamualaikum wr.wb.
    Kahatur Bapa Sambas,

    Mugia Bapa aya dina kawilujengan,simkuring ngarasos reueus margi SD anu aya di wilayah Pinayungan tiasa ngiring jabung tumalapung di jagat dunya Maya, nyayagikeun hiji blog nu informatif nu tiasa diaos kupapada guru atanapi nu nitenan dunia pendidikan sanesna.
    Nepangkeun pribados teh "syarah yusuf" nya upami tiasa disebat ibu mah nya simkuring pisan indungnya Desa Pinayungan teh dan pun raka/ caroge ayeuna nu nyangking kalungguhan di desa /kuwu.sateuacana pribados ngahaturkeun langkung bahe carek upami aya kakirang dina enggoning ngayeuh desa ,ngolah lembur teh estuning atah anjang ka sakola-sakola nu aya sabudeureun desa.Ngaos Visi,Misi di ieu blog mugia sagala nu dipiharep sakola tiasa ngawujud dina ringkak paripolah para siswa nu keur soson-soson dialajar atawa nu tos neraskeun ka paguraon sanesna.
    rupina tilam kasono ti pribados dugi kadieu heula sanes waktos disambung deui. salam ka Bapa kapala sakola anjeuna guru abdi nuju di SMP,Ka para guru sadaya utami Bu Siti Rohmat anu
    parantos masihan terang yen...aya blog ieu.
    Hatur nuhun,
    Wasalamualaikum wr.wb
    Syarah Yusuf

    BalasHapus